Jumat, 20 Desember 2013

Istilah Patukangan / tukang dalam Bahasa sunda



  • Amil,lebe : Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
  • Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
  • Badaya : Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
  • Barangmaen : Tukang jajaluk
  • Bas = tukang nyieun imah
  • Bengkong : Tukang nyunatan
  • Bujangga = tukang nyieun / nulis sastra
  • Candoli = tukang ngajaga pabeaan tinu hajat
  • Dalang : Tukang ngalakonkeun carita wayang
  • darmamurcaya = ahli bahasa
  • Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
  • Girang serat = Tukang nulis surat
  • hareupcatra = ahli masak
  • Indung beurang : paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
  • Kabayan = tukang di titah ka ditu kadieu
  • Kabojengkeng : tukang ngagusur padati
  • Kajineman = 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
  • Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
  • Kulaer = kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
  • Kuncen = tukang ngurus kuburan
  • Kurir = Tukang nganterkeun surat
  • Kusir = Tukang narik delman
  • Legig = tukang ngasruk dina pamoroan
  • Lopor = Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
  • Malim = tukang muruhkeun sato galak
  • Masinis : Tukang ngajalankeun lokomotip
  • Maranggi = tukang nyieun sangku keris
  • Merebot = tukang nakol bedug
  • Minatu =tukang ngalicin atawa nyeuseuh pakean
  • Mo'dim atawa Bilal = Tukang adzan di masjid
  • Nakoda = tukang ngajalankeun kapal cai
  • Nayaga : Tukang nabeuh gamelan
  • Nyarawedi = tukang ngagosok permata
  • O’ah : Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
  • Pakacar = tukang pangaladenan / bujang
  • Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
  • Paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
  • Palika = tukang teuleum
  • Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
  • Pamayang = tukang ngala lauk di laut
  • Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
  • Paneresan = tukang nyadap
  • Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
  • pangeuyeuk = ahli kain/tekstil
  • Panyumpit : Tukang nyumpit
  • Paraji = tukang ngabantu anu ngajuru
  • paraguna = ahli karawitan
  • Sarati = tukang ngusir / muruhkeun gajah.




    31 komentar:

    1. Ulu-ulu nyaeta tukang nu ngatur atawa nguruskeun ngalirna cai disawah.

      BalasHapus
    2. ๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿ‘

      BalasHapus
    3. Tukang ngala lauk d laut naon eteh??

      BalasHapus
    4. tukang nyieun korsi,meja,lomari jeng sajabina di sebut

      BalasHapus
    5. toling donk jawaban nya,terima kasih

      BalasHapus
    6. Tolong ada jawaban sinden dong

      BalasHapus
    7. ๐Ÿ˜€๐Ÿ‘๐Ÿ‘๐Ÿ‘

      BalasHapus
    8. tukang nyadap kawug / tukang gula mana

      BalasHapus
    9. Ka ari tukang nyarita atawa ngadongen nyaeta apa kang

      BalasHapus
    10. Matur nuhun ๐Ÿ˜Š๐Ÿ™๐Ÿ™

      BalasHapus
    11. Koki main??๐Ÿง๐Ÿคจ

      BalasHapus
    12. naon ngarana tukang nu sok nyieun bedug?

      BalasHapus
    13. Terimakasih kak jawabannya๐Ÿ˜ sangat membantu sekali๐Ÿ‘๐Ÿ‘

      BalasHapus
    14. Terimakasih kak... Tugas saya jadi bernilai 100๐Ÿ˜ sekali lagi terimakasih ya kak... Sangat membantu sekali untuk saya mengerjakan tugas๐Ÿ˜ lain kali buat konten yang bermanfaat lagi yaa.. Wassalam๐Ÿ˜

      BalasHapus