Selasa, 10 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Ulah Ceurik

Ulah Ceurik

Cag di dieu cag semeut dieu
Lalkon cinta nu urang
Tep anteupokeun tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan kagandrung sagunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangred pageuh
Ahirna urang papisah... pisah

Rek kasaha ka urang mana
Geura milari geuntosna
Jig ka kidul jig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang dua an
Lain anjeun, lain akang
Urang ges lain laina, lain...

reff//

Ulah... ceurik, tong di ceung ceurikan
Tarimakeun jadi randa akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah... ceurik, tong di ceung ceurikan
wayahna urang papeugat najan hate masih beurat
Pileuleuyan... pileuleuyan..
Hampura akang hampura

Tidak ada komentar:

Posting Komentar