Rabu, 29 Januari 2014

Cara Bikin Umpan / Eupan Ikan (Lauk) emas

Mancing atanapi nguseup keur sabagian orang mangrupa keun salah sahiji hobi atanapi kaseunanga, anu bisa di jadikeun pelepas rasa stress.di dieu abdi bade nuliskeun cara nnyieun eupan kanggo lauk emas .

Cara nyieun eupan kanggo lauk emas :

1 . tingal heula warna caina, lamun caina warna na hejo berarti eupana kudu rada hanyir.
2 . Lamun caina warna rada coklat berarti eupana teu kedah hanyir-hanyir teuing (meujeuhna).

Bahan-Bahan Eupan Lauk emas (kilo gebrus) Kanggo cai anu hejo:

1 . Deho, dehona rada seueuran
2 . Enog puyuh 6
3 . Kroto 5rebueun
4 . Nan / Atang / Neneng
5 . Kue Klik 2 biji
6 . Serbuk salmon

Di campurkeun sadayana, omat krotona kedah di keueuman heula ku cai panas ameh teu haseum.

Bahan - Bahan eupan lauk emas (kilo gebrus) kanggo cai anu coklat :

1 . Deho 2 rebueun
2 . Enog asin 1
3 . Kroto 5 rebueun
4 . Nan 1
5 . Coan 1, tapi pakena satengah wae
6 . Serbuk nila hiji
7 . Keju sacukupna
8 . Minyak penyu

Cara ngadamel namah sami sapertos anu di luhur.

Catetan :

Mun abdimah nganggo eupana

1 . Deho 3rb
2 . Enog puyuh 6
3 . Kroto 5rb
4 . Salmon atah
5 . Klik 2 lembar
6 . Neneng
7 . Susu bubuk
8 . Keju

Cara-cara na :

bahan di campur teras di lebet keun kan plastik. trus di seupan. di seupana tong lami teuing bisi beuye.


Mangga cobian.

Resep mang Komeng.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar