Minggu, 12 Januari 2014

Ceita Lucu Bahasa Sunda

Putus

Didin :“Min, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Didin teu nyaah, tapi……….” 
Mimin :“Naon ari Didin ? Hubungan naon ieuteh ????“ 
Didin :“Muhun, hubungan perkawis hutang“. 
Mimin :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, weyah !“ 


Bapa Abi Loba pisan

Bu Guru            : Sok udin nu kasep kapayun, sebatkeun  nami hideup sareng name ibu rama hideup….
Udin                  : Nami abdi Udin Ujang…., Ibu abdi Ajeung sareng Bapa abdi loba pisan…..
Bu Guru             : Ke…. Ke… Naha Nami Bapa na aneh beut loba pisan…. ?
Udin                   : Sumuhun bu Guru… !  tadi malem oge tos ganti deui , malahan nu ngantosan di luar            oge seer keneh
Bu guru                    : ?????????





Ngajawab Soal Ujian 

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: 
Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. 
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make Implik-implik 

 kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna." .......




Dikaput 


Budak awewe geulis tapi centil dibawa ka rumah sakit, sukuna tatu lantaran labuh tina motor. 

Dokter : “Wayahna nya Neng, lukana kedah dikaput, moal nyeri da dibaalan”. 
Budak : “Mangga Dokter, mung dikaputna hoyong kubenang beureum, nganggo renda kayas, teras dina                     sakuna hoyong nganggo gambar kembang. Sakantenan we diobras”. 
Dokter : “Ha…………………..r, memangna ngaput baju”. 



Ojeg

Ni uti tos ampir 2 jam nangtung di sisi jalan, nu matak panasaran ka jang jang Ocid. Kusabab panasaran Ni Uti teh ku Jang Ocid Di sampeurkeun.

Jang Ocid  : Nuju aya anu di antosan Ni ? mani tos lami katingal na teh ku abdi ngajanteung sisi jalan bisi                          kuma onam Ni.....!
Ni Uti        : Sumuhun iyeu teh Jang, puguhan aya anu di dagoan ku Nini teh, hayang panganterkeun arek                          ngalongok incu, ges hebel panan teu pangih jeung incu teh!
Jan Ocid    : Oh.... kitu Ni! Nya nuju ngadagoan naon atuh nini teh.... Eta mani teu datang-datang nu di                             dagoan nana geuning, pan mobil mah loba geuning tah pasuliweur...
Ni Uti        : eta nini teh ti tadi ngadagoan ojeg, jol motor, jol motor ari ojeg mana...?
Jang Ocid  : #$@!%???




Open

Mang Koswara urang kampung sisi gunung kaparengkeun ngalanco ka Kota. Keur leuleumpangan hareupeun Bank, manehna olohok pedah ningali tulisan 

OPEN ngajeblag dina lawang panto sangkaanana alat paranti nyieun kueh bolu, ceuk pikirna "mana teuing sagede naon kueh boluna mun OPENna sagede gedong". Keur anteng mikiran kueh bolu, ngaringkang aya bule rek asup Bank, gancang ku Mang Koswara dihalangan tur dicarek. “Mister! Ulah asup ka dinya, bisi tutung!” Si bule ukur rungah-ringeuh teu ngarti bari terus asup. Teu sawatara lila ti Bank bijil urang negro. Ari gorowok teh Mang Koswara: “Nya, silaing mah bedegong! Jadi we tutung. Ceuk aing tutung, tutung!!” pokna mupuas. 




Ngajual Sapi 

Mang Koswara rek ngajual sapi. Tapi unggal sapi rek ditaekkeun kana treuk, eta sapi teh ngadat bae embungeun naek. Geus satengah jam Mang Koswara ugal-ugil bari luut-leet kesang, tapi si sapi teh angger merod. Ambek nyedek tanaga midek, Mang Koswara nyentak, “Dasar sapi goblog! Ari maneh hayang naon sih?” ceuk Mang Koswara bari ngadegungkeun hulu sapi. Na ari pok teh si sapi nembalan, “Mmmoohhh..!! hayang di hareup! Di tukang mah tiris!!” Mang Koswara ngabecir! 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar