Minggu, 26 Januari 2014

Contoh Saweran Sunatan

Di sunat atau khitanan atau dalam Bahasa Sunda di sebut KARIAAN, bagi laki-laki terutama bagi yang beragama islam sunatan itu sangat dianjurkan karena bertujuan untuk menjaga kesehatan kelamin.Dalam adat kebiasaan masyarakat sunda pada jaman dulu berkhitan atau sunatan biasa nya di sunat di lakukan oleh bengkong atau paraji sunat ( dukun sunat ), tetapi sekarang kebanyakan di lakukan oleh dokter atau mantri. Nah yang akan saya kupas yaitu tentang saweran panganten sunat. Sama halnya seperti pengantin (pernikahan) dalam upacara sunatan juga suka di adakan acara saweran. Dan berikut beberapa contoh teks saweran sunat :

Contoh Teks Sawer Pengantin Sunat  1 :

Bismilahirohman nirohim
Asalamualaikum  wrwb
Para Bapa miwah para ibu parawargi sadaya
Ieu sim kuring bade nambut waktos sakedap
kanggo acara sawer 
Atuh sateuacana simkuring muka tutungkusan 
kanggo sawer budaya sunda ieu
Langkung ti payun boh bilih janggal basana
Atanapi ngaraheutkeun kana manah para bapa miwah para ibu
Parawargi sadaya dumeh simkuring sanes ahlina 
Kana kasustraan sunda ieu mah mung maksakeun 
Ngedalkeun katineung abdi kanu kagungan maksad
Atanapi anu di salamet keun
Bismilahhhh damel wiwitan mugi gusti nangtayungaaaaaan 
kaujang nu di gusaran mugia kasalametaaaaaan
Nuasiiiiih di dunyana nunyaah di aheratna ti ka adi-adina 
Sareng ka kanca kancanaaaaa
Ampun amit ampun kanu kagungan lembur
Amit kanu kagungan bimi
Tabe kanu kagungan baleeee 
Maap ka juraganana anu calik jadi candoliiiiiii 
Neda agung nya paralun neda jembar panganpura
Kaluhur kasuna Ibu kahandap kasunan Rama
Rarepeh putra putri kuring arek ngawuruk, 
Di wurukmah kedah jeung santri 
Catet najero atiiiiiii sangkan ujang ngarti 
Apa bade mapatahan enjing bade digusaran
Kade lulumpatan bilih jadi pasendatan
Mun panyecep meunang loba tong di pake balaba...
Pake meli anak domba sangkan duit tambah lobaaaaa 
Tangtos jadi modal panjang kanggo pibekeleun ujang
Mun tos jadi Bujang pek peserkeun kana sinjang
Teuaya deui ngan kapaur inggis jadi pagiwur
Jeung batur jeng dulur kudu akurrrrrr
Jeng kudu daek istiarrrrr
Aral kuring pek petotkeunnnnnnnn

.................................................

Nyawer kuring geuning geus cape 
Ongkoh lamun papanjangan sok isin kunu ondangannnnnn
Tutut gunung keong reumaaaaaaa
Sumangga gekkkkk calikkkkkkkk
Mohon ma'af  bila ada penulisan kata yang kurang
Terima kasih sebelumnya untuk kritik dan komentarnya.





Contoh Teks Sawer pengantin Sunat 2 :


1.  Baeu kasep nu kuatan
hidep atos disepitan
teu aya kamadorotan
Bapa teh lain teu watir
asep raheut nyeri nyengir
ku asep meureun kapikir

2.  Lain ukur kagaliban
tapi misti kawajiban
ka Islaman nu ngauban
ujang teh keur cacarakan
korban getih nu nyakclakan
ridona sing bebeakan

3.  Nya rido ka nu Agung
poma pikir ulah bingung
boh bilih temahna linglung
baring supagina gering
kawas ayeuna anaking
bet henteu sapira geuning

4.  Ujang teh tos korban getih
jaga mah bet leuwih-leuwih
dimana manggih kasedih
hate teh masing beresih
tinangtu loba nu asih
repeh-rapih silih asih

5.  Korban getih enggeusna
jaga mah korban ku harta
ulah sok dipepenta
pakir miskin bagi rata
mangkade dibeda-beda
bisina jadi gogoda

6.  Ti ayeuna kudu wekel
nyiar kaweruh sing kekel
sagala cabak parigih
ilmu agama darigama
pangjurungna ibu rama
pacuan salah tarima

7.  Kahade kagembang goda
temahna ngabarobeda
si goreng minuhan dada
maparinan dua jalan
kahadean kasauran

8.  Mun mapay jalan nu salah
pinanggih jeung lanat Allah
nu matak ulah balangah
mun mapay jalan nu bener
pikiran tinangtu teger
hasilna salamet seger

9.  Seger pikir mawa janglar
keker henteu gampang udar
gumelarna manusa anu jembar
sing saha nu maha suci ati
kakasih nu maha suci
diasih bae ku Gusti

9.  Pangna ujang disepitan
hartina teh dituduhan
tuduhan hiji jalan
Rama teh nuduhkeun Islam
ku Ujang kudu kapaham
sarta kudu dilampahan

10.   Geuning disunatan nyeri
henteu ngeunah henteu nyari
napsu mah teu pati beuki
kapaksa bakti ka Gusti
da kitu tungtunan Nabi
ibadah masing gumati

11.   Tah kitu kapalay sepuh
sakabeh oge pituduh
lain jalan-jalan henteu puguh
tong was-was tong asa-asa
nya nyembah ka Nu Kawasa
lakonan sabisa-bisa

12.   Cangkurileung 3x
eunteup dina dahan cabe
apa melang ka si encep
teh apa melang
nineung soteh nyawer teh
sakitu bae

13.   Nyieun panggung nutup sumur
asupna tina gapura
neda agung cukup lumur
neda jembar pangampura

14.  Gapura di Malangnengah
ngaliwat bade ka imah
hampura ka nu lalenggah
mugia rarido manah




Conto Teks Sawér Pengantin sunat 3 :

Kasép ieu téh piwejang,
Poma tengetkeun ku Ujang
Masing éling sapapanjang,
Awon ulah katarajang.

Sing émut waktu dikandung,
Di guha garba nyalindung,
Salapan bukan dikandung
Dirajah ku lagu kidung.

Sabulan eukeur ngahérang,
Tilu bulan geus sampurna,
Genep bulan geus mangrupa,
Tujuh bulan hidep usik.

Nitih bali nincak jadi,
Nepi ka salapan bulan,
Nya gubrag hidep ka dunya,
Sang Ratu Guyubud Putih.

Ibu anu kahéséan,
Sabab boga kalakuan,
Jadi ibu katempuhan,
Malah rajeun kasusahan.

Peuting Ibu loba nyaring,
Sabab Ujang sok ngarungsing,
Duh poma teuing anaking,
Kanyaah ka Ibu cangking.

Mun Ujang kulem tibeurang,
Ibu tara betah nganjang,
Ku sabab ka ujang melang,
Ujang ka Ibu sing nalang.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar