Sabtu, 18 Januari 2014

Lirik Lagu Yayan Jatnika - Lamunan

Lamunan

Daun kalapa …..
Nu oyag kateubak angin
Siga gupayna ….
Kawas gupayna …

Nu lawas ilang
Kasawang deui … Nembongan deui …
Asih munggaran nu teu kahontal …
Dina lamunan …

*
Mun seug manehna…
Kiwari aya gigireun
Meureunan hate
Moal tagiwur di rungrum gandrung

Atuh kamana …
Naha di mana …
Ukur ngolebat dina lamunan …
Dina lamunan …

Unggal tempat tos di papay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Di jugjug weleh teu aya

Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Nu ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan


Balik ka *

Tidak ada komentar:

Posting Komentar