Senin, 10 Februari 2014

Carita Lucu Sunda Terbaru alias Anyar

Bau Jengkol

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

"Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
"Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"
"Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"



Maung jeung Uncal

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar.."

Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong su.. sa.. si.. si.. PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.




Sendal Kuring

Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong,,

Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok...

Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah duanana ku kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??"




Anu Lolong Jeung Anu Gempor

Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : "Sora aya anu mandi nya ?", pokna anu lolong.
Gempor: "Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?"
Lolong : "Nya pasti awewe lah !"
Gempor: "Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?"
Lolong : "Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!".
Gempor: "Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?"


Adul jeung Operator (OPT)

Adul : wilujeng siang bu..abi adul,bade komplen kunaon atuh sinyal sok lemot wae.!
OPT : oh panginten eta teh jaringanna nuju sibuk
Adul : naha kunaon meni sibuk kitu? "aya gotong royong naon kitu di desa teh?"..ari kitu mah gentos wae ku jaring lauk atuh bu..!
OPT : (nepak tarang ) lain eta maksudna saddul...tp jaringan komunikasi nuju padat alias rame..!
Adul : harr...ari ibu meni o'on pisan teu boga ide...lamun padat mah atuh pindahkn wae jalurna ka jalan tol..!! Terus eta geuning meni rame kitu...saha nu nuju hajatan..? nanggap naon hiburanna bu..?
OPT : (mulai nguntab ka ubun2.,pepeta,bari tutunjuk kana komputer) : saddduul...sateh weureu naon..!! bodo bin belegug teh dipiara ku sorangan...maksud uing teh yeuh akses data pinuh...jd sinyal teh beurat...borokokok..
Adul : heuheuheu sroodot...piraku si data kudu mamawa askes (asuransi kesehatan)...lamun sinyal beurat...bantuan atuh pang gotongkeun bu...tong cicing wae gawe teh...
OPT : (naek kana meja) siateh....wani mah hayu gelut jeung aink.!


Salah Kamar

Risma mulang ti kantorna jam 8 peuting, tuluy buru-buru langsung ka kamar terus we mareman lampu. Sangges parem lampuna tuluy we ngudaran pakean nana nepi ka ewueh nu nutupan salamar-lamar acan.
Terus risma nyarita, “ kang, hapunten kamari neng teh nuju teu enak badan sareung sueuer pikiran wengi ayeuna sagala kahayang akang ku eneng pasti di cumponan “


Tos beres nyarita kitu ujug – ujug  lampu kamar teh aya anu ngahurungkeun, tambah deui risma kakara sadar  yen maneh na the salah asup kamar, manehna aya di kamar mitohana..



Pasea Jeung Pamajikan

Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku
sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
pasea jeung aing!


Bioskop Bukana Jam Sabaraha

Hiji poe jam 8 isuk, Kriiiiing.... aya telepon di meja loket bioskop Chandra Subang

Otong : "Hallow kang, uing rek nanya bioskop buka jam sabaraha?"
Penjaga : "engke jam 1 jang"
Otong : "buka na jam 9 we nya,,kang !"
Penjaga : "teu bisa atuh jang, geus biasa jam 1 buka na"
***
Jam 11 telepon disada deui..
Otong : "Hallow,,jam sabaraha buka na bioskop teh?"
Penjaga : "maneh nu tadi nelepon nya?? pan geus di bejaan ,, buka na jam 1 plokk"
Otong : "Jam 12 we atuh kang nyaaa.."
Penjaga : "teu bisa, emangna bioskop nini maneh ??"
Otong : "nawar saetik we atuh kang,,sing karunya,,baelah satengah 1 we nya..?"
Penjaga : "sabenerna maneh teh hayang lalajo film naon atuh plokk,,mani kacida pisan,,hayoh we neleponan.(keuheuleun pisan)
Otong : "hiks,,hiks,,(ceurik) uing ka konci dijero bioskop kang,,peuting pas lalajo film kasarean,,tulungan atuh kang,,pang mukakeun pantona,,uing hayang balik..Emaaaaaaa (ceurikna beuki tarik)




Malem Pertama

Aya awewe jeung lalaki keur anyar pangantenan...
geus 3 peuting kabingungan sabab can bisa meulah duren eta pamajikanana
unggal diajak sok nyebut alim da sieun cenah,,,maklum parawan dusun rupa geulis tapi teu sakola...kuper deuih...
hijipeuting eta lalakigeus teukuat,,mikir neangan akal..
jalu ; neng.......
neng ; kah...naon kang?
jalu ; ih ari neng ditarosteh kalahka gugah bade kamana?
neng ; eu..bade ka cai hoyong pipis
jalu ; haduh kabeneran euh(ceuk gerentes hatena)oh nitip atuh...
neng ; ari akang bade pipis kitu?
jalu  ; muhun neng,,tapiii.males ka caina,,nitip we nya ka eneng...
neng ; kumaha carana atuh ?
jalu ; gampil sok nengna gera ...bobo heula
ahirna eta sijalu bisa ngaaksanakeun pamaksudanana...bungah kacida,,,
peuting isukna sineng nanya
neng ;akang..
jalu ;kulan neng aya naon geulis?
neng ; ieun eng bade ka cai pipis..bade nitip deui moal
jalu;oh .bade...bade neng..sok atuh.....




Ngajawab Soal Ujian

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."




Pagawe Teladan

Cardin  nyaeta mangrupa pagawe tuladan. Tapi dina poe senen ieu manehna ngarasa hoream gawena kusabab menejer na teu katingali di ruangan nana, manehna mutuskeun yen dina poe ayeuna manehna rek bolos mengpeng menejerna teu asup gawe cek pikirna.
Sangges tepi ka imah na Cardin kaget yen pintu imah na the di konci, tungtungna manehna ngaluncatan pager tuluy asup lewat panto tukang, untung we panton tukang the teu di konci jadi Cardin bisa asup.

Terus we Cardin lempang ka kamarna, pas deket kamar na maneh na kaget yen di jero kamar kadenge sora menejer na jeung pamajikan cardin. Sangges di intip ker mastikeun akhirna manehna lumpat ka panto tukang tuluy ngaloncatan pager terus ngomong na jero hatena “ Untung..!!!! ampir kanyahoan bolos gawe, bisa gagal atuh jadi pagawe teladan teh”






Disita

Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan.
Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?”
Usro : “Rumaos, Pa”.
Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !”
Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar